|
Basa daérah kudu di mumulé.
Basa daérah nu di paké nyaéta
basa sunda.
Biasanamah orang sunda ayeuna
ngarasa géngsi ngagunakeun basa sunda di sapopoéna, padahalmah manéhna téh
cicing di lembur sunda, kuduna mah urang ngarasa éra ku batur, kusabab hampir
rumaja ayeuna tara ngagunakeun basa sunda bisi di anggep ‘teu gaul, urang
kampung’ pajar téh. Padahalmah éta basa téh geus jadi tradisi nu kudu di mumulé
supaya teu di aku ku bangsa séjén. Pan asa anéh lamun urang Sunda tapi teu bisa
maké basa Sunda. Piraku ari urang Jawa maké basa Jawa, urang Batak maké basa
Batak, ari urang Sunda teu maké basa Sunda?
Nu jadi masalah, kumaha
carana sangkan basa Sunda henteu tumpur? Najan patalékan ieu karasana asa
bombastis, tapi lamun nempo gejalana saperti nu karandapan ku urang ayeuna,
asana téh lain hal anu pamohalan upama ka hareupna basa Sunda baris tumpur.
Numutkeun ti abdi salaku
blogger nu ngabahas kumaha basa daérah kudu di mumulé, nyaéta aya cara-carana :
1. Maké basa sunda di sapopoéna.
Nyaéta boh diimah, boh di sakola, urang kudu
maké basa sunda nu geus jadi tradisi di sapopoéna.
2. Ngaleungitkeun rasa géngsi pikeun ngagunakeun
basa sunda.
Nyaéta urang kudu bisa ngaleungitkeun rasa
géngsi maké basa sunda, artina urang kudu bisa istilahna ‘percaya diri’. Kajeun
teuing disebut teu gaul gé, asal urang kudu bisa ngarasa gagah kusabab nu lain
mah teu barisaeun, padahal manéhna urang sunda.
3. Ngajarkeun ka barudak di sakitar urang
nyarita ku basa sunda.
Ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka barudak
urang téh mangrupa pondasi pikeun negeskeun identitas yén urang téh urang
Sunda. Komo lamun nilik kana pangajaran basa Sunda di sakola anu waktuna
mingkin mépét. Boro-boro bisa diandelkeun pikeun ngadadasaran kana pangaweruh
budak ngeunaan basa Sunda, dalah guruna ogé kadang-kadang lain ti jurusan basa
Sunda.
4. Lingkungan nu kudu ngadukung basa sunda.
Lingkungan ogé mineng teu ngadukung kana
tumuwuhna basa Sunda, hususna di kota-kota gedé anu pandudukna ti mana-mana.
Anu matak, cilaka pisan lamun rumaja jeung barudak urang teu dibiasakeun diajak
nyarita di imah maké basa Sunda. Atuda iraha dipakéna basa Sunda téh mun lain
di imah? sabab di luar imah mah enya gé dipaké tapi geus pabaliut jeung
direumbeuy ku basa Indonesia.
5. Kudu boga rasa ka éra yén urang téh urang
sunda, cicing di daérah sunda,maenya kudu teu bisa basa sunda.
Mun urang ngaku kénéh urang Sunda, sing éra
atuh ku urang séjén nu bubuara di tatar Pasundan. Si Togar urang Batak, si Ayu
urang Kebumén, atawa si Freddy urang Manado geuning bisa capetang maké basa
Sunda ari keyeng mah diajarna? Maenya ari anak urang, pituin urang Sunda, kalah
ngabigeu lamun diajak nyarita basa Sunda? Ku kituna urang kudu ngarasa éra.
Hayu urang babarengan ngamumulé basa sunda.